Kacaritakeun di padumukan Sumatera aya patani anu getol digawe. Manehna hirup sorangan. Unggal poe digawe ngahuma jeung ngala lauk teu nyaho kacape. Manehna ngalakukeun ieu pikeun kahirupan sapopoena.
Hiji poe manehna indit ka leuwi teu jauh ti imahna, neangan lauk jang poe ayeuna. Ngan ngamodal jeujeur, eupan jeung korang (wadah lauk), manehna langsung indit ka leuwi. Saprak nepi di leuwi, manehna langsung ngalungkeun jeujeurna. Salila ngadagoan eupanna didahar ku lauk, patani eta ngadua “Gusti, mugia abdi dinten ieu abdi dipaparin rizki (lauk) anu seeur”. Teu lila ti saprak geus ngadua, eupan anu dialungkeun teh geus kaciri rek dihakan ku lauk. Manehna langsung ngabedol jeujeurna. Eta patani atoh kacida, kusabab meunang lauk nu kacida badagna jeung naker geulisna.
Teu lila ti eta saenggeus nempo hasil beubeunanganna, eta patani kacida reuwasna kusabab lauk nu td beunang teh bisa ngomong. “Tulung kawula ulah didahar! Antepkeun kawula hirup”, gorowok eta lauk. Teu loba nanya, lauk beubeunanganna teh langsung dibalikeun deui kajero cai. Saenggeus ngabalikkeun lauk ka jero cai, eta patani nambah deui kareuwasna, kusabab ujug-ujug lauk eta teh robah jadi awewe anu geulis kacida.
“Ulah sieun, kawula moal nyilakakeun anjeun”, ceuk lauk jelmaanna teh. “Anjeun saha? Lainna anjeun teh lauk anu tadi beunang ku kami?”, ceuk patani eta nanya semu panasaran. “Kawula putri nu dikutuk kusabab ngalanggar aturan karajaan”, jawabna eta awewe. “Hatur nuhun geus ngabebaskeun kawula tina tuntutan ieu. Pamulang tarima kawula ka anjeun daek dipikaistri ku anjeun”, ceuk eta awewe. Patani eta oge nyatujuan. Teu lila ti eta patani jeung putri eta jadi suami istri. Ngan aya hiji janji anu kudu dilaksanakeun nyaeta si patani teu meunang nyaritakeun asal muasalna putri eta teh mangrupa lauk. Lamun janji eta teu dilaksanakeun bakal cilaka nu kacida gedena.
Teu lila ti maranehna kawin, kabagjaan patani jeung pamajikanna nambah, kusabab pamajikanna ngalahirkeun budak lalaki. Nitik kana mangsa budakna teh jadi budak anu kuat jeung kacida kasepna, tapi aya kabiasaan anu ngajieun batur hemeng. Eta budak sok ngarasa lapar wae jeung teu pernah ngarasa wareg. Kabeh jatah keur daharna beak teu nyesa.
Nepi ka hiji mangsa eta budak dititah indungna pikeun nganterkeun dahar jang bapana nu keur gawe di sawah. Tapi naon anu dititah ku indungna henteu ditepikeun ku bapana. Kabeh kadaharan dibeakeun nu pikeun bapana dibeakeun ku manehna. Saenggeus dahar budak teh nepi kasarena di hiji saung. Bapa na nungguan budakna nu rek nganterkeun sangu bari nahan haus jeung lapar. Kusabab teu tahan lapar manehna balik ka imah, di tengah jalan patani nempo budakna keur sare di saung. Manehna langsung ngahudangkeun budakna. “Heh, hudang!”, gorowok eta patani.
Saenggeus anakna hudang, patani teh nanyakeun kadaharannana. “Mana kadaharan jang bapa?”, tanya eta patani. “Tos seep dituang”, jawabna eta budak. Bari ngagorowok patani langsung nyarekan budakna. “Budak bangkarwarah! Teu boga kaera! Dasar katurunan lauk!”, ceuk patani napsu bari teu sadar ngucapkeun pantangan ti pamajikannana.
Saenggeus ngucapkeun kata-kata eta, harita keneh budak jeung pamajikanna leungit. Teu kaciri jungkrungannana. Tina kurut tapak sukuna, kaluar cai nu kacida badagna. Cai ngeeum sakabeh desa anu ngabentuk hiji talaga. Jeung akhirna ngabentuk hiji danau (situ). Danau (situ) eta balukarna katelah ku ngaran Danau Toba.
0 komentar:
Posting Komentar